Breaking

Kamis, 15 Februari 2018

NYERAHKEUN CALON PANGANTEN


Assalamu’alaikum wr.wb
الحمد لله الّذي أحلّ النّكاح وحرّم السفاح والصّلاة والسّلام  على رسول الله محمّد ابن عبد الله وعلى اله وصحبه ومن واله. أمّا بعد.
Bismillah anu janten sekar pangiring catur sangkan jadi panguras rasa, tarate hate malati ati anu  janten pamaes ati. Diwuwuh ku alhamdulillah sangkan jadi panguras rasa, nyeuseuh geugeuleuh ria sum'ah nu pasolengkrah dina manah. Dipirig ku dua kalimah syahadah mo lanca linci luncat mulang udar tali gada iwal ti ka Dzat Allah 'Azza wajalla.
Sugrining puji nu sajati mangga urang sangakeun ka Allah Rabbul ‘Izzati, puja nu janten panghias rasa mangga urang sanggakeun ka Allah ‘azza wajalla, syukur anu janten pamuka catur mangga urang sanggakeun ka Allah Rabbul Ghafur, anu mana takdir moal tiasa dipungkir kadar moal tiasa disinglar niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama alhamdulillah ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang raray paamprok jonghok di ieu patempatan.
Atuh teu kaselip-selip dina ati teu kaselap-selap dina rasa teu kagilir-gilir dina fikir teu kabeku-beku dina kalbu, pamugi rahmat sinareng salam kawilujengan anu dibarengan kuleketey ati rasa mahabbah cinta kalih deudeuh pamugi tetep dilangsar,lingsir, lungsurkeun kajungjunan urang sadayana nyatana kangjeng Nabi Muhammad saw.
Para sesepuh miwah nonoman hormateun simkuring
Ki besan sakulawargi  hormaten simkuring, teu hilap simkuring ngahaturjeun nuhun ka juru duum waktu (MC), anu parantos masihan waktos  ka simkuring kangge ngaguar pamaksadan.
Alhamdulillah simkuring sarombongan parantos dugi ka pipir anu disungsi, cunduk ka kampung anu dituju, kalayan dongkap ka palataran anu diseja.
Fajar subuh murub mubyar, nyaangan alam buana, katumbiri nutug leuwi siga anu jadi ciri, kuwung-kuwung nu melengkung siga nu milu ngajurung.
Meletekna sarangenge tibelah wetan, baris nyakseni kana kasumpingan sim kuring kalih rombongan, anu indit ti tebihna anu datang ti anggangna, anjog ka ieu tempat.
Kalayan teu hilap simkuirng cunduk saabbrulan datang babantayan, ngaleut ngengkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, taya beja ti tadina, taya iber ti anggalna, kirang tata kirang basa tumorojok tanpa raratan taya sanes sapalihna estu bade ngiring reureuh sakedapan, pepes kesang jengker deui manawi pribumi leah manah wening galih ngangkik calik ka sim kuring kalih rombongan.
Salajengna teu hilap simkuring dongkap ka ieu tempat manggul piutus nu tangtu, ngemban sabna nuutama, janten sulur wawakil ti pihak rombongan calon  panganten pameget kangge ngadugikeun naon rupi pamaksadan, manawi bahan katampi.
Kukituna rupina bae meungpeung isuk ameh iuh, meungpeung beurang ngarah caang, da soremah tara salse, mun burit bilih teu ari. Kalayan saba’da rengse ngaguar pamaksadan, insyaallah simkuirng kalih rombongan baris mulih kakawitna bakal mulang ka asalna.
Namung rupina aya nu baris dititip aya nu bakal ditunda tah ieu si Jalu halughug jangkung, si Bujang nu tandang gandang, ieu mah saurna bade ngancik teras majik, seja nganjang moal mulang seja ngendong di lebet enggon. Ari nu janten sabab estu saurna baris nyukcruk galur Rasul mapay sajarah Anbiya, nyusul saur nu kapungkur, mapay carita cinta anu baheula, anu parantos kedal ucap kedal lisan kiwari pasini urang jadikeun, subaya urang nyatakeun seja ayang ayang gung ka bale nyungcung sareng putri ki besan wasta Neng………………………., kalayan saurna parantos patali jangji pakait ati pikeun hirup kumpul sauyunan dina wangunan rumnah tangga.
Da saumpami henteu kitu katingalna ieu Jang…………………………. teh, estu siga anu ngungun ngangluh ngabangbaluh, lir ibarat anu tikelebuk dina lautan rahayu, ragrag dina sagara asmara, estu nunggu waktu tahun-tahun mapay mangsa bulan-bulan, nunggu waktu unggal saptu, mapay mangsa unggal jumah, nganti wanci saban kemis, ngantos waktos tiap rebo, midandan unggal salasa dititen saban senen.
Namung saptu suwung, jum’ah sirna, kemis leungit, jum’ah kosong, salasa weleh teu aya, poe senen anggur simpe, jangelek poe kiwari, kereteg ati ngajadi, dinten sabtu anu tangtu  baris ngajugjug panutan kalbu, bakal nganjang ka pujaan rasa disarengan niat Lillahi ta’ala, seja nyumpingan bebene panyimpe hate, beubeurah pameungkeut deudeuh, buah ati kembang soca nu jadi panyileukan beurang peuting.
Satemenna ieu Jang……………….  kusimkuring  dibandungan, katawis mun peuting sok mindeung nyaring da puguh pikiran rungsing mun siang katinggal ringrang da puguh rasa ka cangcam.
Ibarat jalmi nu udur mangtahun-tahun teu damang mang bulan-bulan lamun seg dilandongan rupina bae estu teu aya dukun anu mampuh paraji sakti teu mahir ulama binekas teu mental, nanging saurna aya nu baris tiasa niiskeun pikir nu rungsing, mepende hate nu hese simpe, nyaeta aya hiji malati anu ngancik dina hiji bumi, seungitna angin-anginan, aya hiji mawar nu linggar na patamanan, endahna taya bandingan lemahna didieu pisan, tegesna putri ki besan wastana Neng ……………
Kumargi sakitu sumangga nyanggakeun ieu Jang…………………… ti luhur saujung rambut, tihandap sahibas dampal, ti gigir saguling cingir, ti tengah saaya-aya, mugi di tampi ku wening galih ditampi ku hegar manah, kalayan pineda mugi dina waktosna saba’da akad nikah ieu Jang………………… ulah dianggap minantu tapi mugia diangken putra pribadi.
Kalayan simkuring nitip Jang…………………… didieu, dina ideug talingeuhna bilih kirang tata kirang basa henteu luyu mungguh hukum teu sajalan sareng adat istiadar urang didieu, mugi tiasa pangnoelkeun ku ajakan nasehatan kuatikan pangwejangan ku didikan anu luyu mungguh hukum, sapagodoas jeung papagon.
Margina ie Jang……………………… teh tangtungna halughug jangkung, luhur ngaleuwihan indung, dedegana juringkang badag gede mapakan bapana, namung jangkung mung ukur tangtungan badag ngan ukur dedegan, gede ngan ukur warugana, gede kahayangna, da ari pangartimah luyu kana saur sepuh Suwung ku elmu kaweruh sepi saeutik pangarti, kalayan suda kana katiasa, rupina panginten bodo katotoloyo kasebatna.
Kalih ti eta dongkapna singkuring ka dieu estu henteu ringkung angkaribung, hente rebo ku gotongan, teu riba ku cacandakan katingal keupat napak ngalongkewang padahal sok boa ku pribumimah eta teh diantosan.
Nanging dalah kumaha atuh, sanes hente nyaah kanu janten putra, nyaahna mah nyaah tapi kumaha satemena simkuring teh lebet kana paripaos hereut pakeun pungsat bahan lieuk euweuh ragap teu aya. Ku kituna dina leresan ieu mah neda dihapunten terutami ka ki besan.
Nanging boh bilih aya candakna, rupina mung pirang-pirang seeng rombeng, sinduk remuk sendok potong, lawon sacewir, beas sasiki, tami keupat ngalongkewang, nyanggakeun sabrang salayan, lebet ka cabe mah henteu haturan tambi lumayan, lebet ka sae mah henteu pamugi ditampi ku wening galih ku kersa besan sarimbit.
Oge panginten si Jalu jang……………… mung ukur ngabantun talutug buntung, paseuk nu kenging nyeukeutan anu masih keneh seukeut pisan, buleud lir ibarat mutu, teuasna lir ibarat batu, hipuna lir ibarat tahu.  Tah ieu mah manawi aya hunyur tugareun, aya huma seuseukeun, nyanggakeun dina waktosna ka neng……………...
Rupina sateuacan simkuring  nutup catur nu tangtu mungkas maksad nu utama, ti payun seja ngajajap hiji du’a ka ieu dua jirim nu baris nyorang lalakon nu anyar, mudah-mudahan ngadahupna pun anak wasta jang………………….. ka putri ki besan wasta neng………………….. Masing janten pamatri silaturahmi, panyangcang babarayaan, panyipuh duduluran, panyangreud deudeh nu pageuh. Sareng mugi dina nyorang lalakon anu munggaran pamugi masing pendak sareng taraje panaekan, tepang sareng tangga panincakkan tong tiseureuleu mun leueur tong murag mun tisoledat, estu salamina istiqomah dina iman, islam, sareng ihsan dibarengan ku syukur, sabar, sareng tawekal. Amin yarobbal ‘alamin.
Hadirin sadayana rupina sakitu guar carita pangjajap dialap cekap haturnuhun kana perhatosannana, hatur punten tina kakirangannana.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar