Breaking

Kamis, 15 Februari 2018

NAMPI PANGANTEN


Assalamu’alaikum wr.wb
الحمد لله الّذي أحلّ النّكاح وحرّم السفاح والصّلاة والسّلام  على رسول الله محمّد ابن عبد الله وعلى اله وصحبه ومن واله. أمّا بعد.
Bismillah anu janten sekar pangiring catur sangkan jadi panguras rasa, tarate hate malati ati anu  janten pamaes ati. Diwuwuh ku alhamdulillah sangkan jadi panguras rasa, nyeuseuh geugeuleuh ria sum'ah nu pasolengkrah dina manah. Dipirig ku dua kalimah syahadah mo lanca linci luncat mulang udar tali gada iwal ti ka Allah 'Azza wajalla.
Sugrining puji nu sajati mangga urang sangaakeun ka Allah Rabbul Izzati, puja nu janten panghias rasa mangga urang sanggakeun ka Allah azza wajalla, syukur anu janten pamuka catur mangga urang sanggakeun ka Allah Rabbul Ghafur, anu mana takdir moal tiasa dipungkir kadar moal tiasa disinglar niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama alhamdulillah ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang raray paamprok jonghok di ieu patempatan.
Atuh teu kaselip-selip dina ati teu kaselap-selap dina rasa teu kagilir-gilir dina fikir teu kabeku-beku dina kalbu, pamugi rahmat sinareng salam kawilujengan anu dibarengan kuleketey ati rasa mahabbah cinta kalih deudeuh pamugi tetep dilangsar, lingsir, lungsurkeun kajungjunan urang sadayana nyatana kangjeng Nabi Muhammad saw.
Para sesepuh miwah nonoman hormateun simkuring
Para tamu undangan, ki besan sakulawargi  kalih rombongan hormaten simkuring,
teu hilap simkuring ngahaturkeun nuhun ka juru duum waktu (MC), anu parantos masihan waktos  ka simkuring.
Ngadegna simkuring di ieu tempat teaya sanes kajurung ku kaparduan kapaksa kukawajiban dipiwarang janten sulur wawakil ti pihak calon  panganten istri kangge nampi ki besan sakulawargi anu indit ti tebihna anu datang ti anggangna, anjog ka ieu tempat, anu cunduk saabbrulan datang babantayan, ngaleut ngengkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang.
Ka hiji simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka kibesan sakulawargi kalih rombongan, mugia bagja teu weleh nyarengan urang sadaya.
Saterasna simkuring nyandak asmana sesepuh pihak calon panganten istri bapa ………………. Sakulawargi nyuhunkeun dihapunten Boh bilih dina panampiana kirang nyugemakeun, kirang tata kirang basa duduga peryoga mugia agung cukup lumur jempar panghampura ti sadayana. Ari ihtiar mah parantos satekah polah hoyong nyugemakeun  dina panampian, namung da kumaha atuh sakieu katiasana ingin hati memeluk gunung apa daya tangan tak sampai.
Parawargi kadang mitra sadayana
Saparantos ngalenyepan biantarana salah sawios sesepuh rombongan calon panganten pameget, anu sakitu eces tur jentre, sim kuring sakali deui ngabantun asmana bapa ………………. sakulawarga ngaraos bingah amarwata suta bingah kagiri-giri lir gunung tanpa tutugan sagara tanpa ambahan rehna pun anak anu wastana neng ………………… aya anu mikacinta, mikanyaah bade dijantenkeun bojo engke dina waktosna ku tuang putra nyatana jang ……………….. Patali sareng hal eta sim sakulawargi ngaraos bingah tur muji syukur ka Allah, mugi-mugi niat tuang putra teh disarengan ku kaikhlasan seja ibadah tur manjangkeun duduluran tumut kana sunah rasul Muhammad saw.
Kakupingna pami tadi jang ……………… teh sakitu mikacintana ka neng ………………., pon kitu neng ……………. kusimkuring  dibandungan, katawis mun peuting sok mindeung nyaring da puguh pikiran rungsing mun siang katinggal ringrang da puguh rasa ka cangcam, etamah estu siga anu ngungun ngangluh ngabangbaluh, lir ibarat anu tikelebuk dina lautan rahayu, ragrag dina sagara asmara. Ari ditaros teh pokna emut wae ka hiji jajaka anu parantos kapentang tali asmara cinta hoyong ditikahkeun saurna teh. Atuh pami tadi ti pihak calon panganten pameget hoyong nyungkeun ditikahkeun insyaallah dai ieu calon kedua mempelai katingalna tos serasi pada-pada hoyong nikah, rupina  lebet kana paripaos batu turun keusik naek kalapa tonggoheun nana jang ……………. purun neng …………… daek sarua bogoheun nana.  Insyaallah dina waktosna kin urang tikahkeun kalayan urang saksian ku sadayana.
Salajengna ieu ki besan kalih rombongan teh nyandak cacandakan anu sakitu seueurna, urang enggal we tampi bilih cangkeul di tanggeuyna, sagala rupi cacandakan ku pri bumi di tampi ku asta kalih. Etamah bade cacandakan anu hirupna, cacandakan anu paehna atanapi cacandakan anu kadang hirup kadang paeh, hatur nuhun mugia ageung manfaatna.
Rupina sateuacan simkuring  nutup catur nu tangtu mungkas maksad nu utama, ti payun seja ngajajap hiji du’a ka ieu dua jirim nu baris nyorang lalakon nu anyar, mudah-mudahan ngadahupna neng ……………. Ka jang …………… Masing janten pamatri silaturahmi, panyangcang babarayaan, panyipuh duduluran, panyangreud deudeh nu pageuh. Sareng mugi dina nyorang lalakon anu munggaran pamugi masing pendak sareng taraje panaekan, tepang sareng tangga panincakkan tong tiseureuleu mun leueur tong murag mun tisoledat, estu salamina istiqomah dina iman, islam, sareng ihsan dibarengan ku syukur, sabar, sareng tawekal. Amin yarobbal ‘alamin.
Hadirin sadayana rupina sakitu panampian dialap cekap haturnuhun kana perhatosannana, hatur punten tina kakirangannana.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar